Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat
ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar,
temahna batur loba nu teu resepeun.
Adam lali tapel poho ka
baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga adat nu
hese digantina.
Adean ku kuda beureum beunghar ku
barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
Adigung adiguna gede hulu,
boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
Agul ku payung butut ngagulkeun
luluhur sorangan.
Akal koja pinter dina
kagorengan atawa kajahatan.
Aki aki tujuh mulud lalaki nu
geus kolot pisan.
Aku aku angga ngaku
barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda, ngaku baraya batur anu
beunghar atawa jeneng mamrih kahormatan atawa kauntungan.
Aku panggung darehdeh
jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna
jste.
Alak-alak cumampaka resep jeung
hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.
Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
Alak paul tempat anu
lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg
pangadegna.
Ambek nyedek tanaga midek ari napsu
pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung.
napsu kapegung.
Ambekna sakulit bawang gampang
pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
Anak puputon anak nu
kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
Anjing ngagogogan kalong mikahayang
nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
Ari diarah supana, kudu dipiara
catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
Ari umur tunggang gunung, angen
angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
Asa dijual payu ngungun
dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
Asa ditonjok congcot meunang
kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
Asa ditumbu umur Boga rasa
kahutangan budi anu pohara gedena.
Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida
nyaahna.
Asa potong leungeun katuhu leungiteun
jalma nu pohara hade galena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga
sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
Aub payung, sabet panon sabasoba
wewengkon, ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal anu
mustahil oge oge bisa kajadian.
Aya bagja teu daulat arek
meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
Aya di sihung maung Kulantaran
loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker
meunang pitulungna.
Aya hate kadua leutik naksir.
Aya jalan komo meuntas aya
lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
Aya jalan komo meuntas Aya
pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Aya jalan komo meuntas eukeur mah
aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
Aya peurah aya komara aya harega,
aya pangaji.
Ayakan tara meunang kancra nu bodo
jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
Baleg tampele
ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede
keneh kaera.
Bali geusan ngajadi
tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok
meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang
bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih
hate.
Banda tatalang raga
lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang
ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
Belang bayah gindi pikir
boga pikiran goreng ka papada kawula.
Bengkung ngariung
bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa
cilaka.
Beurat birit
hese jeung sungkan dititah.
Beurat nyuhun beurat
nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung,
ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
Beureum paneureuy
seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
Beuteung anjingeun
ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus bengkung
Bisi salah pokpokanana.
Biwir nyiru rombengeun
resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
Biwir nyiru rombengeun
Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
Biwir sambung lemek,
suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu
mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
Bluk nyuuh blak
nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Bobo sapanon carang
sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
Bobor karahayuan
henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
Bonteng ngalawan kadu
nu leutik ngalawan nu gede.
Buburuh nyatu diupah
beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Budi santri, legeg lebe,
ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok
ceceremed.
Buluan belut, jangjangan
oray pamohalan kajadian.
Bungbulang tunda / tunda
talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka
batur.
Buntut kasiran
koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
Bur beureum bur hideung,
hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake.
Buruk buruk papan jati
ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
Caang bulan dadamaran
migawe nu kurang mangpaat.
Cacag nangkaeun
Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.
Cangkir emas eusi delan
omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat
jeung matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang mabuk
ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang
sabab era tawa sieun.
Cara gaang katincak
anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cara jogjog mondok
carekcok bae, mani gandeng nacer.
Cara simeut hiris, tai
kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku
batur.
Cecendet mande kiara
Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Ceuli lentaheun
Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan
eta beja teh bener henteuna.
Cicing dina sihung maung
Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu
laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila
jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
Cileuncang mande sagara,
cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu
saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Ciri sabumi cara sadesa
beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
Clik putih clak herang
Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
Congo congo ku amis, mun
rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana
henteu bageur.
Daek macok embung
dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah
rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
Dagang oncom rancatan
emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
Dah bawang dah kapas
tah barangna tah duitna.
Daluang katinggang
mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
Deugdeug tanjeuran pada
ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina
kasenian.
Deukeut deukeut anak
taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho
tibareto yen baraya.
Dihin pinasti, anyar
pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana
atawa kapanggihna.
Dikungkung teu diawur,
dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu
dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
Dipiamis buah gintung
Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
Dipiamis buah gintung
disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
Disakompet daunkeun,
dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
Ditangtang ditengteng
dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
Ditilik ti gigir
lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjang
jeung geulis pisan, pantes kewes.
Dogdog pangrewong
bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
Dogong dogong tulak cau,
geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik
keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede
dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
Dosa salaput hulu
kacida loba dosana.
Dulang tinande
awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
Duum tinggi
ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
Elmu ajug
pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
Elmu sapi
samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
Elmu tumbila nu
boga imah ngarugikeun ka tatamu.
Elok bangkong
nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
Endog sapatarangan, peupeus
hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur,
baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
Endog tara megar kabeh
najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
Galehgeh gado
darehdeh tapi henteu terus kana hate.
Gancang pincang
kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
Gantung denge
hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun
ngadengekeun.
Gantung teureuyeun
Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu
eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
Gede gede kayu randu,
dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig
Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung
karajinanana goreng.
Gede gunung pananggeuhan
Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
Gede gunung pananggeuhan
Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya
karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku
kabeungharan atawa kakawasaan.
Getas harupateun,
pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
Geulis sisi, laur
gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
Gindi pikir belang bayah
Goreng hate, dolim, julig , dengki.
Ginding kakampis
Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
Giri lungsi tanpa hina
Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
Goong saba karia
Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang
dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
Gunung tanpa tutugan,
sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
Gurat batu
Pageuh kana jangji.
Gusti Alloh tara
nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu
salah atawa boga dosa ka papada kawula.
Hade gogog hade tagog
Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
Hade ku omong goreng ku
omong Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng
deui balukarna.
Halodo sataun lantis ku
hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku
kagorengan atawa kasalahan sapoe.
Hambur bacot murah
congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan
sok daek barangbere dahareun.
Hampang birit
gampang jeung daekan dititah.
Hanteu gedag bulu
salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
Hapa hapa ge ranggeuyan
Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
Hapa hapa ge ranggeuyan
Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
Harewos bojong
Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela
pisan.
Haripeut ku
teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh
duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
Harus omong batan goong
Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok
pabeja beja.
Hayang untung jadi
buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung
karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
Hejo tihang
Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
Herang caina beunang
laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun
atawa dinyenyeri.
Herang caina beunang
laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
Herang herang kari mata,
teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
Heueuh heueuh bueuk
Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
Heurin ku letah
Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba
karisi/ karempan.
Hirup ku panyukup gede
ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah
sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
Hirup nuhun paeh
dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
Hirup ulah manggih
tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah
supaya alus kacaritakeunana.
Hulu dugul dihihidan
Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
Hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
Hurung nangtung siang
leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
Ieu aing uyah kidul
Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga,
pangkat atawa kakawasaan.
Ilang along margahina,
katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes,
ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun
sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina
seserahan).
Indung lembu bapa
banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
Inggis batan maut hinis
Pohara risina, pohara paurna.
Inggis manan maut hinis,
rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.
Ipis kulit beungeut
Gede kaera.
Iwak nangtang sujen
Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
Jabung tumalapung sabda
tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan
batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
Jadi maung malang
jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
Jadi sabiwir hiji
jadi carita jalma loba.
Jadi senen kalemekan
mindeng dicaritakeun batur.
Jaman cacing dua saduit
jaman baheula pisan.
Jati kasilih ku junti
pribumi kaeehkeun ku urang asing.
Jauh jauh panjang gagang
hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
Jauh ka bedug anggang ka
dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga
jeung peryoga.
Jauh ka bedug
dusun,bodo, euweuh kanyaho.
Jawadah tutung biritna,
sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
Jegjeg ceker
cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
Jejer pasar
lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
Jeung leweh mah mending
waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung
kabingung teu wani pok nyarita.
Jogjog neureuy buah loa
mikarep ka anu lain babad.
Jogjog neureuy buah loa
Milampah anu moal pihasileun.
Ka luhur teu sirungan
kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal
jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
Kaceluk ka awun-awun
kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan,
kawentar kamana mana.
Kaciwit kulit kabawa
daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah,
sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
Kahieuman bangkong
Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku
batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
Kai teu kalis ku angin
Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
Kajeun pait tungtung
amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade
dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong asal
tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap
Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
Kandel kulit beungeut
euweuh caerá.
Katempuhan buntut maung
Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan
balukarna.
Katumbukan catur
kadatangan carita Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung
ngagugulukeun panyerewedan.
Kawas anjing kadempet
lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek
ambekan sagala.
Kawas budak rodek hulu
Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
Kawas cucurut kaibunan
Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
Kawas hayam keur endogan
cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
Kawas hayam panyambungan
Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
Kawas kacang ninggang
kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur
ngambek bari nyarekan.
Kawas kuda leupas ti
gedogan Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang,
ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
Kawas lauk asup kana
bubu Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar
ninggalkeun eta pagawean.
Kawas lauk asup kana
bubu gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese
kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
Kawas nu mulangkeun
panyiraman Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku
jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak
ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
Kawas siraru jadi
Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
Kawas wayang pangsisina
Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
Kejo asak angeun datang
Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh
dilaksanakeun.
Keur meujeuhna bilatung
dulang Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
Keur meujeuhna hejo
lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
Keur nuju bentang surem
keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan
rugi bae.
Kiceupna sabedug sakali
Pohara lungguhna.
Kiruh ti girang kiruh ka
hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu
dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
Kokoro manggih mulud
puasa manggih lebaran Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu
pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi
ka siga mangpang meungpeung.
Kokoro nyoso, malarat
rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.
Kotok bongkok
kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu
endogan Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur,
henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Kudu bisa ngeureut
neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
Kudu boga pikir kadua leutik
Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
Kujang dua pangadekna
Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
Kulak canggeum bagja
awak Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku
Gusti Nu Maha Suci.
Kumaha bule hideungna
bae Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
Kumaha kejebur caina
geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
Kunang kunang nerus bumi
Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
Kuru cileuh kentel
peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
Kurung batok
teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.
Lain ku tulang munding
kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik
oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
Lain lantung tambuh
laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit ti imah
kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh
anu dijugjug.
Landung kandungan laer
aisan Gede timbanganana, gede pangampurana.
Langsung saur bahe carek
Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
Lauk buruk milu mijah =
piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng
katenjona.
Legok tapak genteng kadek
Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
Leubeut buah hejo daun
Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
Leuleus jeujeur liat
tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah,
jeung loba pertimbanganana.
Leunggeuh cau beuleum
Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
Leutik burih
euweuh kawani.
Leutik cahak, gede cohok
Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
Leutik leutik ngagalatik
Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
Leutik ringkang gede
bugang Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik
warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah
sarerea.
Leuwi jero beunang
diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade gorengna pikiran
jelema hese dikira kirana.
Lieuk euweuh ragap taya
Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
Loba teuing jaksa
loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu
dipapatahan.
Lodong kosong
ngelentrung Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
Luhur kuta gede dunya
Gagah tur beunghar taya kakurang.
Luncat mulang
Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
Lungguh tutut
Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
Malengpeng pakel ku
munding, ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara
anu taya pihasileunana.
Maliding sanak
Henteu adil, pilih kasih.
Mangpengkeun kuya ka
leuwi Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali
geusan ngajadi.
Mapay ka puhu leungeun
Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon
naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
Marebutkeun paisan
kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
Maut nyere ka congona
Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
Melengkung bekas inhalan
Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
Mere langgir kalieun
Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Meuli teri meunang japuh
= nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang
milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
Meungpeun carang ku
ayakan Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara,
tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
Meungpeung teugeu
harianeun Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba
kabutuh.
Miceun batok meunang
coet Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi
tungtungna meunang nu goreng deui bae.
Mindingan beungeut ku
saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan
hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
Mipit teu amit ngala teu
menta Maling boga batur.
Miyuni hayam kabiri
Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
Moal ceurik menta eusi
Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
Moal neangan jurig teu
kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
Mobok manggih gorowong
Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
Mobok manggih gorowong
meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
Monyet kapalingan jagong
Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah
karoroncodan.
Mopo memeh nanggung
Hoream, teu sanggup samemeh prak.
Mun teu ngakal moal
ngakeul mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
Mun teu ngoprek, moal
nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih Lamun
teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
Muncang labuh ka puhu,
kebo mulih pakandangan Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di
pangumbaraan/panyabaan.
Mupugkeun tai kanjut
Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida
dipikameumeutna.
Ngajul bulan ku asiwung,
mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil
(asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan
liang-liangan).
Ngadu angklung di pasar
papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
Ngadu ngadu rajawisuna
mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea,
parerea omong.
Naheun bubu pahareup
hareup dina pangabutuh silih injeuman duit.
Nangkeup mawa eunyeuh
mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
Nangtung kariung ngadeg
karageman Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
Nepak cai malar ceret
Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung
kawentar kagorenganana.
Nepakeun jurig pateuh
Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan
urang sorangan salamet.
Nete porot ngeumbing
lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu
hasil bae.
Nete semplek nincak
semplak Kieu salah kitu salah.
Nete semplek nincak
semplak Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah
nambahan deuih.
Nete taraje, nincak
hambalan Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka
nu handap heula, kakara terus kaluhur.
Neukteuk curuk dina
pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah,
sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
Neukteuk mani anggeus,
rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena teu sabar dina
nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
Neundeun piheuleut nunda
picela Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna
papisahan teu ngahiji deui.
Ngabudi ucing
teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
Ngadagoan kuah beukah
Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur
bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
Ngadagoan uncal mabal
Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun
eta rejeki.
Ngadaweung ngabangbang
areuy pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas
pacampur jeung sedih.
Ngadek sacekna, nilas
saplasna Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
Ngadeupaan lincar
ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah
jeung diajak dahar.
Ngagandong kejo susah
nyatu loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese
nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
Ngagedag bari mulungan
Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan
yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
Ngaliarkeun taleus ateul
ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
Ngaliarkeun taleus ateul
Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
Ngarep ngarep bentang
ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
Ngarep ngarep kalangkang
heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah
pihasileunana.
Ngawur kasintu,
nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang
kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
Ngeplek jawer, ngandar
jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngeupeul ngahuapan maneh
Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung
nulungan ka urang.
Nginjing sila, bengkok
sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
Ngodok liang buntu hese
cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat oge moal atawa
henteu beubeunangan.
Ngodok liang jero
Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
Ngukur ka kujur nimbang
ka awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste
disaluyukeun jeung pangala.
Ngukut kuda kuru ari
geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna,
susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade,
ngalawan ka anu jadi dunungan.
Ngusap birit
bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit
heula ka anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang
Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa
hukuman.
Nincak parahu dua
Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
Ninggang kana kekecrekna
Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
Nini nini dikeningan,
awewe randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
Noong ka kolong
Leutik hate, leutik pangharepan.
Nu asih dipulang sengit,
nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri urang,
dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
Nu borok dirorojok = nu
titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur
nyeri ditambah kanyerina.
Nu borok dirorojok, nu
titeuleum disimbeuhan Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
Nu burung diangklungan,
nu edan dikendangan ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan
ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
Nu tani kari daki, nu
dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu
mulya.
Nuju hirup ninggang
wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
Nulungan anjing kadempet
nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
Nya di hurang nya
dikeuyeup Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing
wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
Nya ngagogog nya mantog
Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
Nya picung nya hulu
maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban
pasalia, henteu nyambung.
Nyaeuran gunung ku
taneuh, sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus
beunghar.
Nyair hurang meunang
kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu
leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
Nyaliksik ka buuk leutik
Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung
pangabogana.
Nyalindung ka gelung
Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
Nyanggakeun suku genteng
belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang
walang Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari
kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
Nyanghulu ka jarian
Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
Nyeri beuheung
sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae
datang.
Nyeungeut damar di
suhunan mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
Nyeungseurikeun upih
ragrag Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu
geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang
sarerea bakal kasorang.
Nyiar batuk piaraheun
Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
Nyicikeun cai,
murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji
perkara anu dilarang ku luluhur.
Nyieun catur taya dapur
nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
Nyieun heuleur jeroeun
huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
Nyieun pucuk ti girang
pangheulana neangan piaseaeun.
Nyiruan mah teu resepeun
nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu
boga.
Nyiuk cai ku ayakan
Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
Nyium bari ngegel
Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari
pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Nyokot lesot ngeumbing
porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik
nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
Nyuhun nanggung ngelek
ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.
Nyuhunkeun bobot
pangayon timbang taraju Menta pangampura jeung menta timbangan da geus
puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
Nyukcruk walungan mapay
mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan
pancakakina.
Omong harus batan goong
Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh
leuwih hebat batan aslina.
Owah gingsir
Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
Paanteur-anteur julang silih
anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
Pacikrak ngalawan merak
Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
Pada rubak sisi samping
Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
Pagirang girang tampian
Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu
daek silih seblokan).
Paheuyeuk heuyeuk
leungeun Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
Pait daging pahang
tulang Arang gering.
Pait daging pahang
tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
Pakotrek iteuk
Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki
nini-nini.
Paluhur luhur diuk
pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
Panday tara bogaeun
bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
Papadon los ka kolong
Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
Peureum kadeuleu beunta
karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka
jelema anu dipikancinta.
Piit ngeundeuk ngeundeuk
pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
Pindah cai pindah tampian
Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
Pinter aling laing bodo
Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
Pipilih meunang nu
leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisan ku
lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
Piruruhan
katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
Pupulur memeh mantun
Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
Pur kuntul kari tunggul,
lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging Dina cidrana anu
diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
Puraga tamba kadengda
Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade
hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
Raweuy beuweungeun
rambay alaeun Loba dahareun da loba pepelakan.
Rumbak caringin di
buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu
mepelingan ka urang.
Rumbak kuntieun
Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
Rup ku padung rap ku
lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu
satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
Rusuh luput gancang
pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab
hasilna teu matak nyugemakeun.
Sabobot sapihanean
Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
Sabuni buni anu ngising
sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal
akhir sok kudu kanyahoan bae.
Sagalak galakna macan
taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna
tara tega ka anu jadi anak.
Sagolek pangkek
sacangreud pageuh Hanteu cidra kana jangji.
Saherang herangna cai
beas Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti
tas nganyernyeri ka urang.
Saherang herangna
cibeas, moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus aya pacengkadan
sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
Sakecap kadua gobang
Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
Sakiriciking duit
sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.
Saluhur luhur punduk
tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina moal
ngaluhuran guru.
Sangsara di geusan betah
Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar
kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
Sapu nyere pegat simpay
Paturay papisahan.
Sareundeuk saigel
sabobot sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan, layeut, tara aya
pacengkadan.
Satengah buah leunca
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
Saumur nyunyuhun hulu
Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
Saungkab peundeuy
Omongan anu pondok tur kurang manis.
Sengserang padung
Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora
keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
Sentak badakeun
teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu
tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
Sereg di panto logor di
liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba
kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
Sereg dibuana logor
diliang jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di
nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
Seukeut ambeu seukeut
deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean
pulisi).
Seukeut tambang manan
gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah
awal ahir tangtu katangkep pulisi.
Seuneu hurung cai caah
Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Seuneu hurung dipancaran
Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi
tambah.
Seuseut batan neureuy
keueus Hese pisan.
Sibanyo laleur
Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
Sirung ngaliwatan tunggul
Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
Sosoroh ngadon kojor
Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka
meunang wiwirang jeung karugian.
Tamiang meulit ka bitis
Malindes ka diri sorangan.
Tamplok batokeun
Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
Taya halodo panyadapan
taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa
dicarekan).
Teng anak teng, anak
merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena,
sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Teu aya sarebuk samerang
nyamu Teu aya saeutik eutik acan.
Teu beunang dikoet kunu
keked Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu
susah.
Teu boga pikir rangkepan
Teu boga curiga saeutik eutik acan.
Teu busik bulu salambar
teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
Teu cari ka Batawi tapi
ka salaki hakan pake hayang ti salaki.
Teu diambeuan
teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
Teu didingding kelir
teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
Teu dipiceun sasieur
Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
Teu ditari teu ditakon
Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
Teu gugur teu angina
Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
Teu jauh ti tihang juru
teu anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana
sok daek pulang paling.
Teu mais teu meuleum
teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
Teu ngalarung nu burung,
teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu
haram oge disaruakeun bae.
Teu nginjeum ceuli teu
nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
Teu nyaho di alip
bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
Teu puguh alang ujurna
teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
Teu wawuh wuwuh pajauh,
teu loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna
alus pisan.
Teui hir teu walahir,
teu kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka, teu adi
teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
Ti luhur sausap rambut
ti handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa
boga dosa.
Ti peuting kapalingan ti
beurang kasayaban Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
Tiis ceuli herang mata
ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
Tikoro andon peso
ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tinggar kalongeun
Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
Tipu keling ragaji
Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
Titip diri sangsang
badan Mihapekeun maneh.
Titirah ngadon kanceuh
sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
Totopong heureut dibeber
beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae
matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung
pangaluaran anu sakitu lobana.
Tugur tundang cuntang
gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
Tunggul dirarud catang
dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
Tunggul sirungan, catang
supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
Tungkul ka jukut tanggah
ka sadapan junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu
ku naon naon.
Ulah beunghar memeh boga
ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga
pakaya.
Ulah cara ka kembang
malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh,
hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki
bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
Ulah cara ka malati kudu
cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
Ulah kabawa ku
sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig,
dedemit.
Ulah muragkeun duwegan
ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang,
pacuan arek dimonyah monyah.
Ulah pangkat memeh
jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
Ulah tiis tiis jahe
kudu iatna, kudu cingceung.
Ulah unggut kalinduan
ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku
rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
Uncal tara ridu ku
tanduk Duduluran karumpul kabeh.
Uyah tara tees kaluhur
Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak
incuna.
Waspada
permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
Wiwirang
di kolong catang nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.
|
|||
Sumber : http://kipsaint.com/isi/kumpulan-pribahasa-babasan-paribasa-sunda.html
Anjeun hiji lalaki bisnis atawa awéwé? Anjeun dina naon baé stress finansial atanapi ngalakukeun nu peryogi dana pikeun ngamimitian up bisnis sorangan? Dupi anjeun gaduh skor kiridit lemah sareng anjeun nyungsi eta teuas pikeun ménta kecap injeuman ti bank lokal
BalasHapussarta institutes finansial séjén?
a) Personal injeuman, ékspansi Usaha.
b) Usaha Mimitian-up jeung Pendidikan.
c) Debt konsolidasi.
d) gajian Duit Hard.
Metoda kami nawarkeun maneh kasempetan nangtang jumlah injeuman diperlukeun na ogé durasi nu bisa mampuh ngalengkepan repayment injeuman kalawan laju dipikaresep of 2%. Ieu méré Anjeun kasempetan nyata pikeun meunangkeun dana nu peryogi. Ngalamar kabetot kedah ngalengkepan di handap
rinci: -
Formulir aplikasi *
Nami lengkep:
Jumlah Diperlukeun:
Injeuman Lilana:
penjajahan:
Panghasilan bulanan:
umur:
Alamat / Nagara:
Telepon Contact:
ngahubungan kami dinten langsung via: consumeraffairsloan@gmail.com
Awaiting Tanggapan anjeun
Salam,