A. Pengertian Novel
Novel teh nyaéta carita rékaan (fiksi)
dina wangun prosa anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang.
Kajadian anu dicaritakeunana oge loba deuih. Dina novel aya sababaraha kajadian
anu sambung-sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna oge
leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama teh aya palaku panglengkep
jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina
novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna teh.
Eusina ngindung kana kajadian sapopoé. Jadi heunteu lawas dongéng, sanajan
sarua fiksi, dina novel mah kaharti ku akal.
Salian ti novel, aya deui istiah roman
jeung novelet. Biasana karya roman lebih panjang jeung lengkep batan novel.
Tapi, sabenerna novel jeung roman teh éta – éta kénéh. Ciri – ciri novel nu
pangpentingna:
1. Wangunna
prosa (fiksi) panjang, jauh leuwih panjang
batan carpon.
2. Ku sabab
panjang, tokohna loba sarta kajadian nu dicaritakeunana bisa rupa – rupa
(ngarancabang).
3. Jejer
jeung eusina nyaritakeun kahirupan sapopoé.
Asupna novel kana sastra sunda teh
mangrupa pangaruh sastra Barat, utamana Walanda. Novel munggaran dina sastra
Sunda nyaeta Baruang ka nu Ngarora karangan Daeng Kanduruan Ardiwinata (D.K.
Ardiwinata), terbit taun 1914. Upama dibandingkeun jeung novel munggaran dina sastra Indonesia, Azab dan
sengsara karangan Merari Siregar, anu terbit taun 1920, leuwih tiheula genep
taun. Jadi kurang merenah upama novel dina sastra Sunda teh mangrupa panaruh
tina sastra Indonesia.
B. Jenis novel dumasar umur
1. novel barudak
2. novel rumaja
3. novel dewasa
C. Jenis novel dumasar kana eusina
1. Novel silih asih
2. Novel kulawarga
3. Novel social
4. Novel misteri
5. Novel sajarah
6. Novel jiwa
D. Pangarang Novel
jeung Karya-karyana
1. D.K. Ardiwinata: Baruang ka nu Ngarora.
2. Joehana (sandiasma
Ahmad Basyah): Carios Eulis Acih, Carios
Agan Permas, Kalepatan Putra Dosana
Ibu Rama, Kasuat ku Duriat, Mugiri, Neng Yaya, Rusiah nu Goreng Patut (jeung
Sukria).
3. R. Memed
Sastrahadiprawira: Mantri Jero, Pangeran
Kornel, Tresnasena jeung Nyi Putri Sedihasih (rekaan tina novel basa Walanda,
De Roman van Tristan en Isolde).
4. Muhammad Ambri: Lain Eta, Numbuk di Sue, Munjung, Pusaka Ratu Teluh (saduran), Pependeman Nabi Sulaéman ( saduran), Urang Desa, Ngawadalkeun Nyawa (saduran).
5. Muhammad Sanusi: Siti Rayati, Sari fatimah.
6. Samsu (Sambas jeung
Susangka): Laleur Bodas.
7. Marga Sulaksana
(Sandiasma R. Iting Partadiredja): Diarah
Pati.
8. M.A. Salmun: Gogoda kanu ngarora, Vila Bati Nyeri, Randa Jegud.
9. Yus Rusamsi: Randa Bengsrat, Dédéh, Wilujeng Ĕnjing.
10. Ki Umbara: Si
Bedog Panjang, Si
Lamsijan Kaédanan.
11. Ahmad Bakri: Nu Seungit di Pulang Asih, Juragan Batik, Srangéngé Surup Mantén, Rajapati di Pananjung, Asmaramurka, Mayit dina Dahan Jéngkol, Dina Kalangkang Panjara, Potrét, Sanghiang Lutung Kasarung.
12. Syarif Amin: Manehna, Nyi Haji Saonah.
13. R.A.F: Pipisahan, Nu Kaul Lagu Kaléon, Béntang Lapangan.
14. Min Resmana: Neangan Bapa, Napsu Nu Matak Kaduhung, Imah nu Réa Kamarna.
15. Aam Amilia: Puputon, Buron, Lalangsé, Kalajengking, Sanggeus Halimun Peuray.
16. Abdullah Mustapa: Mikung, Lembur Singkur, Taréh Rosululloh.
17. Eddy D. Iskandar: Cinta Pabaliut.
18. Yoseph Iskandar: Rini, Perang Bubat, Putri Subanglarang, Pamanahrasa, Déwawarman, Siliwangi Maharaja Pajajaan.
19. Adang S.: Ngepung Kahar Muzakar, Néangan Bapa, Budak Calakan, Juragan Kabayan, Malati
dipager Bedil.
20. Ningrum Julaeha: Arca, Halimun Mungkur.
21. Usep Romli HM: Béntang
Pasantrén.
22. Tatang
Sumarsono: Demung Janggala, Miang jeung
Kaludeung, Jaro Bantahan, Kolébat Kuwung –
kuwungan Kinasih Katumbirian, Si Paser, Galuring Gending.
23. Taufik
Faturohman: Pateupung di Bandung.
24. Hidayat
Susanto: Guha Karang Legok Pari, Bima
Rengkung, Kurawa Pandawa.
25. Dédén Abdul
Azis: Pangantén.
26. Nani
Sudarma: Rasiah Geulang Rantay.
27. Godi Suwarna:
Sandékala, Déng.
28. Aan Merdéka
Permana: Muru Tanah Hareupan, Kedok
Tangkorék, Andar – andar Pangandaran.
E. Unsur –
unsur Novel
1.
Jejer/Téma,
Jejer/téma nyaéta inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu aya
dina éta novel.
Sakapeung jejer novel sok disebutkeun dumasar kana jejer umumna, upamana baé; cinta,
kapahlawanan, kulawarga, atikan, lingkngan hirup, agama, sosial, ekonomi jsb.
2.
Palaku/tokoh,
Palaku nyaéta ngaran – ngaran boh jalma boh sasataoan anu ngalalakon
dina carita. Dumasar kana kalungguhanana dina carita, palaku/tokoh bisa di bagi
tilu rupa; palaku utama, palaku kadua,
jeung palaku tambahan.
Palaku
mibanda pasipatan (karakter) anu béda – béda. Aya
anu disebutkeun langsung, aya anu digambarkeun secara heunteu langsung, tapi ébréh hubunganna
jeung palaku séjén.
3.
Latar/setting,
Latar/setting téh aya dua
rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat
nuduhkeun dimana kajadianana, ari latar waktu nuduhkeun iraha kajadianana.
Upama latar, boh latar tempat boh latar waktu, papalingpang
atawa heunteu saluyu jeung kanyataan disebutna anakronismeu.
4.
Alur/plot,
Alur atawa plot nyaéta runtuyan kajadian nu
ngawangun hiji carita. Cara midangkeunanan diluyukeun jeung tujuan anu hayang
dihontal ku pangarang.
Alur umumna diwangun ku :
1.
Bubuka
2.
Mimiti muncul masalah
3.
Masalah muncer
4.
Ngaréngsékeun
masalah
5.
Pungkasan carita
Dumasar kana wandana, aya anu disebut:
1.
Alur marélé
2.
Alur bobok tengah
3.
Alur mundur
5.
Jihat sawang/sudut pandang/point of view
Jihat sawang nyaéta cara pandang pangarang dina carita, naha
panganrang téh jadi palaku atawa ngan saukur nyaritakeun carita. Aya dua cara
anu biasa digunakeun dina carita fiksi (novel):
a.
Jihat sawang jalma kahiji, nyaéta pangarang kalibat
langsung dina carita/pangarang aya di jero carita. Biasana sok ngagunakeun
kecap sulur “ kuring”.
b.
Jihat sawang jalma katilu nyaéta pangarang henteu kalibat
langsung dina carita/pangarang ngan saukur nyaritakeun tokoh lain. Biasana
palaku disebut ngaran – ngaranna atawa ngagunakeun kecap sulur “ manéhna atawa
maranéhna”.
6.
Amanat
Amanat
téh pesen panagarang anu hayang ditepikeun ku pangarang kanu maca. Pikeun nyaho amanat hiji novel, urang kudu
maca éta novel dugi ka réngsé.
Anjeun hiji lalaki bisnis atawa awéwé? Anjeun dina naon baé stress finansial atanapi ngalakukeun nu peryogi dana pikeun ngamimitian up bisnis sorangan? Dupi anjeun gaduh skor kiridit lemah sareng anjeun nyungsi eta teuas pikeun ménta kecap injeuman ti bank lokal
BalasHapussarta institutes finansial séjén?
a) Personal injeuman, ékspansi Usaha.
b) Usaha Mimitian-up jeung Pendidikan.
c) Debt konsolidasi.
d) gajian Duit Hard.
Metoda kami nawarkeun maneh kasempetan nangtang jumlah injeuman diperlukeun na ogé durasi nu bisa mampuh ngalengkepan repayment injeuman kalawan laju dipikaresep of 2%. Ieu méré Anjeun kasempetan nyata pikeun meunangkeun dana nu peryogi. Ngalamar kabetot kedah ngalengkepan di handap
rinci: -
Formulir aplikasi *
Nami lengkep:
Jumlah Diperlukeun:
Injeuman Lilana:
penjajahan:
Panghasilan bulanan:
umur:
Alamat / Nagara:
Telepon Contact:
ngahubungan kami dinten langsung via: consumeraffairsloan@gmail.com
Awaiting Tanggapan anjeun
Salam,
terimakasih pembahasannya, sepertinya memang berbeda sekali yah dengan carpon dalam bahasas sunda, jgn lupa mampir basasunda.com
BalasHapus