Selasa, 03 Februari 2015

NOVEL




A. Pengertian Novel
Novel teh nyaéta carita rékaan (fiksi) dina wangun prosa anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana oge loba deuih. Dina novel aya sababaraha kajadian anu sambung-sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna oge leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama teh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna teh. Eusina ngindung kana kajadian sapopoé. Jadi heunteu lawas dongéng, sanajan sarua fiksi, dina novel mah kaharti ku akal.
Salian ti novel, aya deui istiah roman jeung novelet. Biasana karya roman lebih panjang jeung lengkep batan novel. Tapi, sabenerna novel jeung roman teh éta – éta kénéh. Ciri – ciri novel nu pangpentingna:
1.  Wangunna prosa (fiksi) panjang, jauh leuwih panjang  batan carpon.
2.  Ku sabab panjang, tokohna loba sarta kajadian nu dicaritakeunana bisa rupa – rupa (ngarancabang).
3.  Jejer jeung eusina nyaritakeun kahirupan sapopoé.
Asupna novel kana sastra sunda teh mangrupa pangaruh sastra Barat, utamana Walanda. Novel munggaran dina sastra Sunda nyaeta Baruang ka nu Ngarora karangan Daeng Kanduruan Ardiwinata (D.K. Ardiwinata), terbit taun 1914. Upama dibandingkeun jeung novel  munggaran dina sastra Indonesia, Azab dan sengsara karangan Merari Siregar, anu terbit taun 1920, leuwih tiheula genep taun. Jadi kurang merenah upama novel dina sastra Sunda teh mangrupa panaruh tina sastra Indonesia.
B. Jenis novel dumasar umur
1.  novel barudak
2.  novel rumaja
3.  novel dewasa
C. Jenis novel dumasar kana eusina
1.  Novel silih asih
2.  Novel kulawarga
3.  Novel social
4.  Novel misteri
5.  Novel sajarah
6.  Novel jiwa
D. Pangarang Novel jeung Karya-karyana
1.  D.K. Ardiwinata: Baruang ka nu Ngarora.
2.  Joehana (sandiasma Ahmad Basyah): Carios Eulis Acih, Carios Agan Permas, Kalepatan Putra Dosana Ibu Rama, Kasuat ku Duriat, Mugiri, Neng Yaya, Rusiah nu Goreng Patut (jeung Sukria).
3.  R. Memed Sastrahadiprawira: Mantri Jero, Pangeran Kornel, Tresnasena jeung Nyi Putri Sedihasih (rekaan tina novel basa Walanda, De Roman van Tristan en Isolde).
4.  Muhammad Ambri: Lain Eta, Numbuk di Sue, Munjung, Pusaka Ratu Teluh (saduran), Pependeman Nabi Sulaéman ( saduran), Urang Desa, Ngawadalkeun Nyawa (saduran).
5.  Muhammad Sanusi: Siti Rayati, Sari fatimah.
6.  Samsu (Sambas jeung Susangka): Laleur Bodas.
7.  Marga Sulaksana (Sandiasma R. Iting Partadiredja): Diarah Pati.
8.  M.A. Salmun: Gogoda kanu ngarora, Vila Bati Nyeri, Randa Jegud.
9.  Yus Rusamsi: Randa Bengsrat, Dédéh, Wilujeng Ĕnjing.
10.   Ki Umbara: Si Bedog Panjang, Si Lamsijan Kaédanan.
11.  Ahmad Bakri: Nu Seungit di Pulang Asih, Juragan Batik, Srangéngé Surup Mantén, Rajapati di Pananjung, Asmaramurka, Mayit dina Dahan Jéngkol, Dina Kalangkang Panjara, Pott, Sanghiang Lutung Kasarung.
12.  Syarif Amin: Manehna, Nyi Haji Saonah.
13.  R.A.F: Pipisahan, Nu Kaul Lagu Kaléon, Béntang Lapangan.
14.  Min Resmana: Neangan Bapa, Napsu Nu Matak Kaduhung, Imah nu Réa Kamarna.
15.  Aam Amilia: Puputon, Buron, Lalangsé, Kalajengking, Sanggeus Halimun Peuray.
16.  Abdullah Mustapa: Mikung, Lembur Singkur, Taréh Rosululloh.
17.  Eddy D. Iskandar: Cinta Pabaliut.
18.  Yoseph Iskandar: Rini, Perang Bubat, Putri Subanglarang, Pamanahrasa, Déwawarman, Siliwangi Maharaja Pajajaan.
19.  Adang S.: Ngepung Kahar Muzakar, Néangan Bapa, Budak Calakan, Juragan Kabayan, Malati dipager Bedil.
20.  Ningrum Julaeha: Arca, Halimun Mungkur.
21.  Usep Romli HM: Béntang Pasantrén.
22.  Tatang Sumarsono: Demung Janggala, Miang jeung Kaludeung, Jaro Bantahan, Kolébat Kuwung – kuwungan Kinasih Katumbirian, Si Paser, Galuring Gending.
23.  Taufik Faturohman: Pateupung di Bandung.
24.  Hidayat Susanto: Guha Karang Legok Pari, Bima Rengkung, Kurawa Pandawa.
25.  Dédén Abdul Azis: Pangantén.
26.  Nani Sudarma: Rasiah Geulang Rantay.
27.  Godi Suwarna: Sandékala, Déng.
28.  Aan Merdéka Permana: Muru Tanah Hareupan, Kedok Tangkorék, Andar – andar Pangandaran.

E. Unsur – unsur Novel
1.   Jejer/Téma,
Jejer/téma  nyaéta inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu aya dina éta novel. Sakapeung jejer novel sok disebutkeun dumasar kana jejer umumna, upamana baé; cinta, kapahlawanan, kulawarga, atikan, lingkngan hirup, agama, sosial, ekonomi jsb.
2.   Palaku/tokoh,
Palaku  nyaéta ngaran – ngaran boh jalma boh sasataoan anu ngalalakon dina carita. Dumasar kana kalungguhanana dina carita, palaku/tokoh bisa di bagi tilu rupa; palaku utama, palaku kadua, jeung palaku tambahan.
Palaku mibanda pasipatan (karakter) anu béda – béda. Aya anu disebutkeun langsung, aya anu digambarkeun secara heunteu langsung, tapi ébréh hubunganna jeung palaku séjén.
3.   Latar/setting,
Latar/setting  téh aya dua rupa nyaéta  latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nuduhkeun dimana kajadianana, ari latar waktu nuduhkeun iraha kajadianana.
Upama latar, boh latar tempat boh latar waktu, papalingpang atawa heunteu saluyu jeung kanyataan disebutna anakronismeu.
4.   Alur/plot,
Alur atawa plot nyaéta runtuyan kajadian nu ngawangun hiji carita. Cara midangkeunanan diluyukeun jeung tujuan anu hayang dihontal ku pangarang.
Alur umumna diwangun ku :
1.   Bubuka
2.   Mimiti muncul masalah
3.   Masalah muncer
4.   Ngaréngsékeun masalah
5.   Pungkasan carita
Dumasar kana wandana, aya anu disebut:
1.   Alur marélé
2.   Alur bobok tengah
3.   Alur mundur
5.   Jihat sawang/sudut pandang/point of view
Jihat sawang nyaéta cara pandang pangarang dina carita, naha panganrang téh jadi palaku atawa ngan saukur nyaritakeun carita. Aya dua cara anu biasa digunakeun dina carita fiksi (novel):
a.    Jihat sawang jalma kahiji, nyaéta pangarang kalibat langsung dina carita/pangarang aya di jero carita. Biasana sok ngagunakeun kecap sulur “ kuring”.
b.   Jihat sawang jalma katilu nyaéta pangarang henteu kalibat langsung dina carita/pangarang ngan saukur nyaritakeun tokoh lain. Biasana palaku disebut ngaran – ngaranna atawa ngagunakeun kecap sulur “ manéhna atawa maranéhna”.
6.   Amanat
Amanat téh pesen panagarang anu hayang ditepikeun ku pangarang kanu maca.  Pikeun nyaho amanat hiji novel, urang kudu maca éta novel dugi ka réngsé.





2 komentar:

  1. Anjeun hiji lalaki bisnis atawa awéwé? Anjeun dina naon baé stress finansial atanapi ngalakukeun nu peryogi dana pikeun ngamimitian up bisnis sorangan? Dupi anjeun gaduh skor kiridit lemah sareng anjeun nyungsi eta teuas pikeun ménta kecap injeuman ti bank lokal
    sarta institutes finansial séjén?

    a) Personal injeuman, ékspansi Usaha.

    b) Usaha Mimitian-up jeung Pendidikan.

    c) Debt konsolidasi.

    d) gajian Duit Hard.

    Metoda kami nawarkeun maneh kasempetan nangtang jumlah injeuman diperlukeun na ogé durasi nu bisa mampuh ngalengkepan repayment injeuman kalawan laju dipikaresep of 2%. Ieu méré Anjeun kasempetan nyata pikeun meunangkeun dana nu peryogi. Ngalamar kabetot kedah ngalengkepan di handap
    rinci: -

    Formulir aplikasi *

    Nami lengkep:

    Jumlah Diperlukeun:

    Injeuman Lilana:

    penjajahan:

    Panghasilan bulanan:

    umur:

    Alamat / Nagara:

    Telepon Contact:

    ngahubungan kami dinten langsung via: consumeraffairsloan@gmail.com

    Awaiting Tanggapan anjeun

    Salam,

    BalasHapus
  2. terimakasih pembahasannya, sepertinya memang berbeda sekali yah dengan carpon dalam bahasas sunda, jgn lupa mampir basasunda.com

    BalasHapus